MENCIPTAKAN INSAN ILMIAH KARIMAH

Senin, 23 November 2009

KATUMBIRI


Dina dinten Senen, ping 23 Nopember 2009, ba'da zuhur saatosna rengse pagawean ti sakola, kuring pamitan ka pun bojo. Cling we miang ka sawah, maksadna rek ngalongok nu keur digarawe, oge tos sono sakalian ngalongok pelak bawang sumenep, anu karek umur 35 poe.
Sadongkapna ka sawah, pagawean teh geuning tos rengse, nu digarawe titah aruih, ari kuring sumarimpang ngalongok heula pelak bawang. Enya we bawang teh karek ngabong soran dauna wungkul, masih jajauheun ka beutian mah. Keur luha-loho, katingali jembrungna jukut dina biwir pecalan pelak bawang, atuh kutuyap we kuring teh nyabutan jukut anu ngajalebrig ngahieuman kana tangkal bawang.
Waktu keur solot-solotna digawe, ti beh kidul kadangu sora mani nyeor, sihoreng hujan keur mapay ka beh kulon jeung kaler.Teu lila hujan datang, kuring buru-buru ngiuhan ka saung bising baraseuh. Enya we hujan teh rada gede, bari dibarengan ku poyan. Pikir kuring, ieu sugan nu disebut hujan poyan teh.
Sabab kesel nungguan hujan raat, kuring inget, yen dina jingjingan, masih keneh aya bebekelan, sarupaning termos, caina masih keneh panas, gula, kopi, sesepeun, masih aya. kulutrak we ngaluarkeun cangkir, tuluy ninyuh kopi. Hujan ngaririncik keneh, seungit kopi mani meleber. Gap cangkir diangkat, regot-regot 2 regotan, mani karasa haneut kana tikoro nu ka tirisan. Yap kana ududeun, di kaluarkeun sabatang jarum coklat, cekes disundut ku gasolin, sedut diseuseup haseupna, tuluy di kaluarkeun, haseupna mani meledug ngapung mapay ka awang-awang, nikmat ....!
Haseup roko nu ngelebung ka luhur, dituturkeun ku teuteupan panon kuring. Ari waktu tanggah ka langit, ari breh teh katumbiri mani nyacas endah, katingali warna-warni melengkung kuwungkuwungan.
Carita kolot baheula, eta teh, nyiputri turun ti kahiangan rek marandi ka alam mayapada. Gerentes hate kuring, tungguan nyi-Putri, kuring ngilu mandi, ngilu kana taraje katumbiri, bawa ka suarga manikloka, sakalian hayang tepang sareng Kakang Panjinarada, oge hayang sewu dawuh jeung Sangiang Otipati Prabu Batara Guru, anu nyalikan Singgasana Suarga Manikloka, sugan engke disoroan deui kopi haneut, ku Nyi Drupadi, Bidadari anu panggeulisna jeung pang endahna sa karaton Suargamanikloka.
Keur anteng ngalamun, keresek-keresek ti pipir, sihoreng kadal keur beberung, bari hujan teh sihoreng geus raat, ngalamun rengse. Cag sakitu ...!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar